Conto - Conto Pupuh
Pupuh téh
mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru
wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan)
sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaéta
patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa “dang-ding-dung”-na
sora vokal dina engang panungtung.
Pupuh Sunda
kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar
ageung(wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana,
jeung Dangdanggula (KSAD), jeung sekar
alit (wanda laguna ngan
sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang,
Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh
miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.
Anapon karangan
pondok dina wangun ugeran anu dianggit maké patokan Pupuh disebutna téh Guguritan atawa Dangding. Kecap
‘gurit’ asalna tina basa Sangsakerta, ‘grath’, anu hartina nyusun
karangan. Kecap ‘ngagurit’ miboga harti anu sarua jeung ‘ngadangding’, nyaéta
nuduhkerun kana pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun Dangding atawa
Pupuh.
Conto Pupuh
1. Asmarandana
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan
(8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih, silih pikanyaah,
naséhat, atawa mépélingan
Contoh :
Éling-éling mangka éling [8-i]
rumingkang di bumi alam [8-a]
darma wawayangan baé [8-é] 2
raga taya pangawasa [8-a]
lamun kasasar lampah [7-a]
napsu nu matak kaduhung [8-u]
badan anu katempuhan [8-a]
2. Balakbak
Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan
(15-é, 15-é, 19-é). Watekna pikaseurieun, banyol, atawa lulucon.
Contoh:
Aya warung sisi jalan ramé pisan,
Citaméng [15-é]
Awéwéna luas-luis geulis pisan,
ngagoréng [15-é]
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo
monyét, nyangéréng [19-é]
3. Dangdanggula
Sapada diwangun ku 10 (sapuluh)
padalisan (10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a). Watekna
kabungahan atawa kaagungan.
Contoh:
Méga beureum surupna geus burit [10-i]
ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
cikur jangkung jahé konéng [8-é]
naha teu palay tepung [7-u]
simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
ari ras cimataan [7-a]
gedong tengah laut [6-u]
ulah kapalang nya béla [8-a]
paripaos gunting pameulahan gambir
[12-i]
kacipta salamina [7-a]
4. Durma
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan
(12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna ngambek, paséa, gelut, atawa
perang.
Contoh: 3
Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
geus dipasti ku jangji [7-i]
mun tacan laksana [6-a]
numpes musuh sarakah [7-a]
henteu niat seja balik [8-i]
najan palastra [5-a]
mati di médan jurit [7-i]
5. Gambuh
Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna bingung, samar polah, tambuh laku.
Contoh:
Ngahuleng banget bingung [7-u]
henteu terang ka mana nya indit [10-i]
turug-turug harita téh enggeus burit
[12-i]
panon poé geus rék surup [8-u]
keueung sieun aya méong [8-o]
6. Gurisa
Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan
(8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna pangangguran, tamba kesel,
pikalucueun.
Contoh :
Hayang teuing geura beurang (8-a)
geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
nagih kanu boga hutang (8-a)
mun meunang rék meuli soang (8-a)
tapi najan henteu meunang (8-a)
teu rék buru buru mulang (8-a)
rék tuluy guguru nembang (8-a)
jeung diajar nabeuh gambang (8-a)
7. Jurudemung
Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan
(8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal. 4
Contoh:
Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
ku kersaning anu Agung [8-u]
geus pinasti panggih [6-i]
jeung dua rupa perkara [8-a]
senang paselang jeung bingung [8-u]
8. Kinanti
Sapada diwangun ku 6 (genep)
padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i). Watekna miharep atawa prihatin.
Contoh:
Budak leutik
bisa ngapung [8-u]
babaku ngapungna
peuting [8-i]
nguriling kakalayangan [8-a]
néangan nu amis-amis [8-i]
sarupaning bungbuahan [8-a]
naon baé nu kapanggih [8-i]
9. Sinom
Sapada diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-a). Watekna gumbira.
Contoh
Warna-warna lauk émpang [8-a]
aya nu sami jeung pingping [8-i]
pagulung patumpang-tumpang [8-a]
Ratna Rengganis ningali [8-i]
warnaning lauk cai [7-i]
lalawak pating suruwuk [8-u]
sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)]
julung-julung ngajalingjing [8-a]
sisi balong
balingbing sisi balungbang [12-a]
Comments
Post a Comment